Sabtu, 30 Mei 2009

Sistim Kakarabatan jeung Kamasarakatan Orang Sunda

oleh Fajar Burnama


a.Sistim Kakarabatan Orang Sunda
Ku kersaning Pangeran, jalma bisa hirup, jumeneng di ieu dunya. Mimiti ti luluhur jalma nu kahiji, Kangjeng Nabi Adan alaihi salam dugi ka ayeuna manusi masing cicing bari ngarasakeun mangrupa kanikmatan ti Nu Mahakawasa. Sagala nu dipikabutuh ku jalma geus ngajagrag di sabuderen urang, cai, udara, cahya, jeung nu sejenna teu pernah dikurangan ku Allah, tapi kilang bara jalma loba nu ngaruksak, jadi sok loba kakurangan. Ku kituna geus pasti yen beuki lila jalma hirup di ieu dunya beuki loba oge kanikmatan nu dipaparin Ku Dzat Nu Maha Rozak. Ku sabab kitu karasana teu kaleuwihan yen urang kudu tumut patuh ka Mantenna.
Salahsahiji kanikmatan nu dirasakeun ku jalma nyaeta kahayang jang nyieun turunan. Tah, kuayana kitu, timbul we nu disebut kakarabatan. Bisa disebut yen asal mula ayana kakarabatan teh lantaran ayana perkawinan, kaasup di masarakat sunda. Perkawinan orang sunda biasana dimimitian ku ayanan “neundeun omong”, biasanan dilakikeun ku kolot urang bari heureuy alias teu serius. Sanggeus kitu, bari nete taraje minantu teh diteliti sangkan teu salah pilih, mimitina mah susulumputan, lila-kalilaan jadi terus terang. Lamun geus cindeuk, diayakeun musyawarah nangtukeun waktu acara “lamaran” atawa khitbah.
Sanggeus acara lamaran, diayakeun upacara pernikahan. Kaluarga ahirna kabentuk, nepi ka boga budak nu disebut kaluarga “batih”, nyaeta kaluarga nu terdiri ti bapak, indung, jeung budak (bisa kandung/adopsi).
Lian ti kaluarga batih, aya sakelompok karabat nu masih sadar kana hubungan kakarabatan, maranehna diulem kana acara-acara saperti pernikahan jeung lainna, kelompok ieu disebut “golongan”. Golongan teh kelompok kakarabatan nu dina antropologi disebut kindred. Sadengken huji golongan nu menurutken ti karuhun nu jauh disebut bondoroyot.
Prinsip katurunan di Pasundan nyaeta boga sipat bilateral, yen garis katurunan nu ngitungkeun hubungan kakarabatan ti lalaki jeung awewe, atau melalui garis katurunan indung jeung ti bapa boga kadudukan nu sarua.

Orang Sunda teh ngabogaan istilah-istilah jang generasi boh ka luhur oge ka handap, nyaeta :

Dina urutan generasi ieu, dua generasi ka luhur jeung ka handap ngabogaan pungsi nu fungsional dina sistim kakarabatan, sadengkeun tilu generasi ka luhur jeung ka handap ngabogaan fungsi tradisional.
Lian ti tujuh generasi ka luhur jeung ka handap, orang Sunda ngabogaan sababaraha istilah kakarabatan, nyaeta: Apa, Bapa, Ema, MA, Kakang, Kaka, Akang, Kang, Ceuceu, Euceu, Ceu, Uwa, Wa, Mamang, Mang, Bibi, Ibi, Embi atawa Bi.

b.Sistim Kamasarakatan Orang Sunda

Dina masarakat sunda, kahirupan kaluarga ngandung arti saling hubungan antawis unsur-unsur kaluarga, di antarana kelompok kakarabatan nu didasarkeun ku prinsip nu ngatur batas hubungan karabat nu teu boga sipat selektif. Dina ngalangsungkeun kahirupan masarakat, kaluarga ngabogaan tilu pungsi, nyaeta :
Kahiji, Ngalindungi tur ngarahkeun barudak
Kadua, Ngendalikeun kahirupan seks jang lalaki salaku bapa.Sakabeh kabudayaan boga batasan tur larangan hubungan seks antara karabat deukeut atawa dulur saindung sabapa.
Katilu, ngatur pangan, utamana dina ngadisiplinkeun cara-cara dahar ka barudak.

Di kaluarga sunda, nu jadi tulang tonggong sakaligus pelindung nyaeta suami/caruge atawa bapa, sadengkeun istri/pamajikan atawa indung boga tanggung jawab kana kalancaran urusan imah. Kabiasaan netep sanggeus nikahdi Sunda nyaeta matrilokal, salaki netep di imah pamajikan samentara, sanggeus mapan, maranehna neangan tenpat sorangan nu biasana jauh ti karabat pamajikan oge ti karabat salaki nu istilahna disebut neolokal.
Kaharmonisan hubungan antara bapa jeung indung mawa pangaruh anu kalintang gedena dina ngabentuk akhlaq budak. Kolot janten taladan kanggo sakabeh anggota kaluarga. Ku kituna tingkah polah nu janten kolot kudu sajalan jeung norma tur aturan nu aya di masarakat.
Nu jadi pamajikan kudu Awewe tulang tinande.1 Lamun nu jadi pamajikan, kawas kitu, pasti nu jadi salaki bakal asa ditonjok concot.2 Lamun geus kitu, kaluarga kudu bengkung ngariung bongkok ngaronyok.3 Nu jadi budak ulah sok beurat birit.4 Lamun nu jadi budak kawas kitu, kudu geura babalik pikir.5 Enya ge urang heureut pakeun6, tapi urang teuteup kudu berehan bka baraya. Tapi ulah ngawur ka sintu nyiehkeun hayam.7
Tingkah polah nu hade lain ngan ukur di kaluarga atawa di jero imah wungkul, tapi oge di masarakat luas. Di kalangan menak Sunda, aya tendensi ngawariskeun ngaran kaluarga ti bapa ka barudakna, utamana ka budak lalaki. Oge dina hal bagi waris, budak lalaki kabagian bagian nu leuwih loba batan awewe. Tapi kiwari kabiasaan kitu teh geus jarang dilakukeun, awewe sok menangkeun bagian nu sarua jeung lalaki, biasana ieu kajadian di kalangan menak.
Gotong royong geus jadi ciri masarakat Sunda, nyekel prinsip silih asih, silih asah tur silih asuh. Kahirupan harmonis, masarakat rukun, nyepeng norma jeung nilai nu berlaku, di jaman kiwari beuki leungit kakikis ku pangaruh budaya barat nu jauh tina norma tur etika manusa.
Kulantaran kitu, hayu hurang ngamimitian nalungtik kaayaan urang, kaayaan deunguen-deungeun, tuluy di lelempeng. Mana anu saruana, anu pimaslahateun pikeun  kahirupan manusa jeung kamanusaan jaganing pagéto.

PUSTAKA

Risdayah, Enok. Pengantar Budaya Sunda. 2003. Bandung: Baik.

Herdiana CA, spk. Lantera Basa. 2007. Bandung: Yayasan Babul Khoer Al-Islami.

Gunardi, Gugun,dkk. Kamus Populer Remaja (Rumaja). 2006. Bandung: Pemerintah
Propinsi Jawa Barat Dinas Kebudayaan dan Pariwisata.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar